Nami kuring Arif Amrullah. Kuring dibabarkeun dina kasur kapuk di
Puskesmas Pasundan, Bandung. Kuring gubrag ka alam dunya pas jam 8 isuk-isuk,
poe Senén, kaping 30, bulan Desember, taun 1996. Kuring anak ka 2 ti 3
bersaudara.
Kuring sakulawargi ayeuna tinggal
di Bandung, Jl. Peta. Kulawargi kuring diwangun ku 5 anggota kulawargi. Bapa
aya, namina Syaifullah. Jangkung badag, kumisan, tapi rada bodor saeutik, hehe.
Indung oge aya, namina Hasanah. Indung kuring anu panggetolna, jago masak oge
deuih. Kuring oge gaduh adi sareng lanceuk. Adi kuring, awewe, Nurhaliza
Hafifah namina. Duh eta adi kuring asa tomboy. Adi kuring miluan seni bela diri
anu disebat “Tae Kwon Do” salila 2 taun (ti kelas 2 SD nepi kelas 4 SD). Ayeuna
adi kuring tos kelas 5 SD, manehna teh eureun heula, ku sabab mayarna asa jadi
rada mahal, hehe. Sareng lanceuk kuring, lalaki, Muhammad Izet Bigovic namina.
Buukna rada galing, jangkung badag, rada rame lah jelma na, hehe. Anjeunna
ayeuna keur digawe jadi reseller di Tanggerang. Sabenerna mah Abdi teh boga
hiji lanceuk deui, awewe, anak ka hiji, anu namina Khairunnisa. Ngan, ayeuna
tos teu aya, atos dipulangkeun ka nu Maha Kawasa.
Indung
sareng bapa abdi sabenerna mah lain urang Bandung, indung abdi dilahirkeun di
kota Bengkulu, sedengkeun bapa abdi dilahirkeun di kota Padang, Sumatra Barat.
Indung sareng bapa abdi caritana teh “merantau” ka Bandung. Jeung ahirna, eta
dua hate teh patepang, (hadeuh yaa Alloh, so sweet).
Taun 2001, kuring asup ka Raudhatul Athfal Persis. Pas taun 2002, kuring asup SD di SDPN Pajagalan 58 Bandung. Pas kelas 1 SD, kuring mulai resep kana pelajaran matematika. Pas kelas 2 oge kuring rajin ngerjakeun soal matematika kelas 3 di buku paket anu lanceuk kuring. Nepi ayeuna, kuring tetep resep ka eta palajaran. Hidup Matematika !
Sabenerna ti kelas 1 SD nepi kelas 5, kuring teh cicingeun pisan. Baturan ge basa eta teh aya ngan aya 3 jalmi anu deukeut jeung kuring, namina teh si Rizky, Eka, sareng Fajri. Bes pren pisan lah eta jalmi. Ngan si Eka ayeuna mah rada sombong, hehe. Tah, pas kelas 5 nepi kelas 6, kuring ujug-ujug jadi motah. Langsung jadi loba baturan lah pokona mah. Kelas 6 teh diwangun ku 3 kelas, 6A, 6B, sareng 6C. Kuring teh basa kelas 6 na kelas 6A. Tah, ti 3 kelas eta, tereh kabeh jalmi apal ka kuring. Hadeuh, basa eta teh kuring asa terkenal weh. Kelas 6 kuring pangbangorna lah, tugas teh tara digawean tea, hehe. Nu matak resep, kalah jadi loba baturan geura.
Hmm, kuring mimiti “geubis love” teh pas kelas 6 SD pas semester 2 (asa sakeudeung). Subhaanalloh, eta awewe teh aselina geulis pisun. Annisa Yasmin namina. Pas pisan, geulisna kawas kembang Yasmin anu mekar di tengah taman (hadeuh). Tah, anu pangbeuratna teh pas papisahan jeung sakabeh baturan SD kuring, utamina papisah sareng “bidadariku” (Annisa Yasmin). Basa eta teh kuring papisahanana di CIC (Ciwangun Indah Camp.). Waahhh, loba panineunganana lahh.
Oh heeuh, basa SD teh (pas kelas 6 an) kuring pernah ulin jalan-jalan sakulawargi ka basisir Pangandaran, Yogyakarta. Eta teh mimitina kuring ka basisir, nepi ayeuna can sempet ka basisir deui. Kuring jadi sono. Potona aya dina galeri. J
Kuring asup ka SMPN 33 Bandung, basa taun 2009. Alhamdulillaah kuring bisa asup ka eta sakola. Pas pisan sareng NEM SD abdi; 22.25 (leutik nyak?). Taun ayeuna mah pasti tos naek NEM na. Sateuacanna kuring teh sempet mampir ka SMPN 25, ehh apek teh, SMPN 25 basa keur eta NEM na rada badag, nyaeta 24.00.
Di SD teh kuring asa rada bangor, tapi naha basa di SMPN 33 mah asa jadi nu pangbageurna. Meureun saking lobana budak bangor di eta kelas. Lalieur jeung raripuh lah pokona mah. Aya oge anu kerek sababaraha poe sakola, ehh atos dikaluarkeun deui ti sakola. Ampuuun yaa Alloh. Untung kuring bisa bertahan salila 3 taun didinya. Tapi da pas kelas 2-3 mah barudak teh aya perubahan, asa jadi leuwih dewasa ti kelas 1 (anu asalna bararangor), hehe. Sukurlah.
Basa kelas 2 SMP, sakabeh kelas 2 milu tour ulin ka Dufan, Jakarta. Diditu teh resep geuning. Sakali asup bisa naek naon wae. Tah, didinya mumpung aya kasempetan, mimiti kuring jeung baturan naek Hysteria. Geuning kirang “gereget”, nya geus kuring jeung baturan teh langsung derr ka Tornado. Asalna baturan nu miluan teh aya 4 an. Tapi aya nu kabur hiji, pedah sieuneun meureun, wkwk. Jadi weh tiluan. Ngan hanjakal teu aya poto na.
Basa pas kelas 3 SMP, aya nu bogoh ka kuring, adi kelas (hapunten nya, teu disebat namina, hehe). Mimitina teh si eta menta no hp kuring, pek weh ku kuring bere. Pas balik sakola, pas kuring tos nepi imah, ehh si eta teh nga sms geuning, loba tatanya jiga wawancara wae. Si eta teh ngajak patepang cenah di taman SMP, heug hayu, patepang weh. Diditu teh ngobrol-ngobrol, hoyong wawuh leuwih deukeut deui senah. Haha, bodor lah poko na mah (masa SMP).
Keneh SMP. Pas kelas 3, kuring miluan lomba jurnalistik basa Inggris. Asa jadi jurnalis weh basa keur eta teh, hehe. Alhamdulillaah weh, kuring meunang juara 2 lomba jurnalistik. Anu juara 1 na eta baturan kuring, anu namina Yos Zania. Wah, eta awewe cerdas pisan lah kana Inggris na mah. Kuring nepi eleh. Tapi meunang juara 2 ge da lumayan lah.
Pas kelas 3 SMP deui yeuh, kuring ngajieun hiji grup band. Nami band na teh nyaeta “The F’Last”, anu hartina “The First and The Last”. Anu ngabogaan makna, “Pertama dan Terakhir”. Aliran musikna Pop. The F’Last diwangun ku 6 anggota. Vokalis aya 2, awewe, nu kahiji namina Gina Aprilliani Putri (ditiung), anu kadua namina Alya Sri Ulfah (dikacamata). Gitaris aya 2, Dinan Rangga Maulana (gitar melody), Fitra Yandi Hadian (gitar rythim). Bassist na nyaeta kuring, Arif Amrullah. Anu pamungkas, Fajar Eko Purnomo (drummer). The F’Last sempet tampil dina papisahan SMP, sareng PENSI SMP.
Kuring asup ka SMK BPI Bandung, taun 2012. Sateuacan asup ka SMK BPI, kuring sempet daptar heula ka SMKN 4 Bandung. Pas daptar diditu teh, kuring milih jurusan TKJ sareng RPL. Pas kuring ngadagoan hasil, apek teh kuring teu ditarima kusabab NEM kuring rada kirang. Padahal ngan beda 1 poin (NEM kuring 35, tapi minimalna 36, lebar nyak?). Enya tos, wios weh, jadi weh kuring ka BPI. Tapi alhamdulillaah pisan, kuring oge bangga jadi murid BPI. Geuing guruna barageur, sarta gareulis, utamina bu Nurbaeti Gustyan, haha.
Pas poe kahiji di BPI (pas MOS), kuring asup ka kelas, raray rada garang, leumpang tegep, teu aya salah sahiji jalmi nu kuring wawuh (keun weuh ah). Diuk weh kuring teh. Baturan mimiti kuring di BPI nyaeta Try Oktovan. Naha bet bisa mimiti kitu? Kusabab basa MOS kuring diuk sabangku jeung manehna.
Kuring asup ka X-RPL1, padahal baturan teh lobana aya di X-RPL2. Tapi bae ketang, ambeh baturan jadi leuwih loba. Basa kelas X-RPL1 mah alhamdulillaah, diajar teh lancar, tugas dikerjakeun, nilai rada lumayan, rada aktif oge. Basa ngajual Hydro Coco oge abdi anu panglobana, saingan sareng si Dea (nu panglobana oge). Ku sabab kuring anu panglobana ngajual eta produk, kuring jadi diundang ku AXIS miluan Workshop “Membangun Bisnisku”. Dina eta acara workshop teh kuring dititah ngawangun salah sahiji usaha (bisnis plan) anu bakal diwangun ku kuring sorangan. Alhamdulillah kuring meunang sertifikat deui, langsung ti PT AXIS Telekom Indonesia. Sarta alhamdulillaah, kuring meunang peringkat ka 1 di kelas. Sukurlah.
Basa kelas 1 SMK, kuring jeung baturan imah sarta rombongan masjid tawassulan ka Tasikmalaya, anu diayakeun unggal taun. Diditu teh loba wirid, dzikir, ngadua, ngadenge caramah, jeung sajabana anu kaitan sareng Islami. Sareng aya ziarah oge ka makam Eyang. Diditu nu ngaranna pinuh teh bener weh. Nepi tereh teu kabagean shaf sholat.

ANTITELD